Kamus Basa Sunda Plus Unak Anik Basa Sunda Pikeun Murid Sd Dan Smp
No Panggil :
418-SUR-K
Pengarang :
Surayin,
Penerbit :
Yrama Widya
Tempat Terbit :
Bandung
Edisi :
Tahun :
2021
ISBN/ISSN :
978-623-205-536-0
Deskripsi :
232 Hal, Tinggi 20 c cm, Tebal 0 cm
Kategori :
Buku Fisik
Subyek :
Applied Linguistics/bahasa-bahasa Daerah Di Indonesia
Bahasa :
Indonesia
Jumlah Eksemplar :
2
Sinopsis :
Babaran kecap sinareng cara ngalarapkeunnana, mangrupikeun pasualan nu sering janten bahan patarosan murangkalih boh dina pergaulan sadidinten atanapi dina pangajaran basa Sunda di sakola. Para sepuh ogé rupina mayunan pasualan nu sami dina ngabantos pangajaran para putrana.
Ayana pasualan sapertos kitu mémang tos ilahar kumargi kecapkecap dina basa Sunda kacida pisan jembarna. Cobi waé upami diwincik hiji-hiji, aya ogé nu disebat unak-anik basa. Dina basa Indonesia mah teu aya istilah kecap anteuran, kecap sesebatan waktos, sesebatan usum-usuman, sesebatan itung-itungan, nami-nami anak sasatoan, atanapi nami kekembangan. Namung, wanda-wanda kecap eta téh dina basa Sunda mah sadayana ogé kumplit.
Ku medalna ieu kamus plus unak-anik basa, mugia tiasa ngabantos murangkalih dina mayunan éta pasualan-pasualan. Kabeungharan kecap aranjeunna tiasa dironjatkeun. Sajabi ti éta, dina kamahéran ngalarapkeun basa Sunda, boh di sakola, di bumi, atanapi dina pergaulan sadidinten, tiasa langkung-langkung saé.
Kumargi dihususkeun kanggo SD sareng SMP, kecap-kecap nu aya di lebet ieu kamus kénging nyaluyukeun sareng kamampuhan murangkalih tingkat SD sareng SMP ogé kaperyogian pangajaran basa Sunda nu aya dina kurikulum. Kecap-kecap éta téh kénging milih sareng milah-milah. Mung kecap-kecap nu biasa dilarapkeun ku murangkalih sadidinten nu dilebetkeun téh.